Hapunten ka sadayana

Ieu mah mung sakadar ngemut keun bilih ka alaman ku urg.  Kanggo dulur" sadayana, sing ati-ati srg taliti mugia teu kaalaman ku urg atw wargi" urg... Nembe pisan sabada duhur tatanggi abdi gugah kulem teras ibak maksadna teh bde angkat ka gemor nonton volly , sateuacan angkat ngaleueut heula kopi teras nuang samangka ti'is nu d simpen na kulkas, pas bade angkat , angkatna kana motor, teu aya kila-kila atanapi pertanda nanaon... alias nuju sehat wal a'fiaat... lgsng ngadadak teu tiasa ningali poek mongkleng sakurilingna, kesang tiis kalaluar, anjeunna ngajerit, ngagoak maca istighfar bari tulung tulungan... Alhamdulillah Alloh masih nangtayungan panginten,sihoreng ngangge helm na tibalik... 
Astagfirullah Aladzim... Allahu Akbar... Mugia Gusti nangtayungan k urg sadayana, sing ulah kaalaman ku urg mah, sanes nanaon isin ku batur. 
Hatur nuhun kasadayana

Comments

Popular posts from this blog

Penampakan 'Mata Banteng' di Planet Mars

Bagaimana Sepeda Federal dimulai

Apakah menurutmu kamu sudah menemukan biola stradivarius? Coba tebak..!!